Sunday, January 22, 2012

KIDUNG LUMAYUNG


= KIDUNG LUMAYUNG =


Lagu kidung ngalanglaung
Panundung bingung kaliwung
Pamentung laku kapahung
Kaambung ka awang-uwung
Papayung para pangagung
Nu manggung tur hurung nangtung
Malar jucung, sangkan nanjung
Henteu linglung kapidangdung


Pangagung miyuni layung
Ngempur hurung luhur gunung
Getih, daging, sungsum-balung
Parungrum juntrung sakurung
Gandrung liwung nu linuhung
Gumulung tungtung jajantung
Nalikung jadi pangjurung
Ngalarung tujuh lulurung

Lemah cai nu kawarti
Pertiwi nu sugih mukti
Bukti kaasrian Gusti
Nu misti dipusti-pusti
Kiwari ilang raspati
Kumargi kirang gumati
Jati kasilih ku junti
Nganti-nganti pangabakti

Peurih salebeting galih
Kasedih teu euih-euih
Pupulih leungit ka matih
Malih muih, nurih getih
Aji paripih kabintih
Kalindih henteu katolih
Nyukrih mambrih répéh-rapih
Teu kapanggih ku pangampih

Rahayat katalangsara
Malarat, lara-tunggara
Aparat ilang komara
Kasibat jeung nyaliara
Gara-gara saniskara
Munara teu kapiara
Mutiara mancawura
Nagara sirna cahara

Sumpah panulah musibah
Moal milampah pamondah
Pamolah wadah anugrah
Tarékah, sadrah, sumerah
Pamarentah teu awuntah
Para somah leah manah
Ibadah fisabilillah
Genah, betah, tumaninah

Pamungkas:
Saliring-liring dumadi
Éling ka Hyang Maha Widi

..CAG..

1 comment:

  1. haturnuhun Kang Lie...nambih wawasan yeuh ,kanggo abdi nu hoyong terang kasundaan utamina sareng budaya Nusantara umumna..........

    ReplyDelete