Tuesday, January 3, 2012

RONGGENG TUJUH KALA SIRNA (bag-1)


RONGGENG TUJUH KALA SIRNA (bag-1)

Sapun !
Ka pupunclak Agung Pamunjung,
Anu Agung Sang Rumuhun,
Hiyang Guru Agung Pangruhum,
Anu Nunggal di Kalanggengan,
Anu Langgeng dina Nunggalna,
Anu ngabogaan sakabéh jagat,
Anu ngabogaan sakabéh alam ..... !


P a r a l u n !
Sapun,
ka sakur anu di ruhur,
ka Guru Hiyang Nunggal,
ka Déwa nyangking kawening,
ka Déwa ngagem Wewenang,
ka Déwa nunggal Kawasa,
ka sakabéh nu araya di Kahiyangan !

Sapun,
ka sakabéh anu di handap,
ka Batara ka Batari,
ka Resi eujeung Pandita,
ka sakabéh
nu kumelip nu arusik,
nu ngawaruga, dina wujud séwang-séwangan
nu ngagelarkeun, nu ngarumpay
nu rarangtung, nu ngagantung
nu ngagulung, nu narangkub,
nu nangkarak, nu ngarembat,
ka sakabéh,
nu kadeuleu teu karasa,
nu kaambeu teu kadeuleu,
teu kadeuleu tapi aya......,
ka sakabéh
nu garedag, nu lumampah,
harirup jadi pangeusi
nyaricingan jagat alam ieu !
Ronggeng Tujuh Kala Sirna 3

p a r a l u n !
sabab,
kaula eudeuk nyatur,
catur pantun anu buhun,
haneuleum tunda karuhun
hanjuaneun anu marapay ..... !

P a r a l u n !
Mantakna kaula nyatur ?
sabab,
Pajajaran dijieun carita,
tapi disilok ku nu sarieun
dipajarkeun mumuja déwa,
jeung diréka dirarobah
dijarieun dijieun-jieun
ku ariyana anu gariruk ........
jeung ku sabab kaula mah kaula nyaho
(2)
engké jaga,
baris datang deui jaman
loba ménak loba pangkat
harayang nyaho deui
rawayan ariyana ti Pajajaran !

P a r a l u n !

Urang caturkeun ,

Sang Déwa Hiyang KALA keur ngaronda jagat !

Kadeuleu ku inyana, jelema-jelema anu dibendon, dimudukeun jieun Mandala
Meneng, di buritna bakal kamalinaan ! Jeung kadeuleu ku inyana tina béntang
ngagéndéng bulan ! Baris datang wayah teu beunang disingkah, baris Pajajaran
nyérénkeun papan !
Jeung kadeuleu kila-kila, méméh buah asak ti tangkal, baris aya Lawang
panyaweuyan nyilakakeun sakur anu miasih ka anu leungit, sakur anu narineung ka
jaman ka tukang !

Amun Mandala Meneng dijieun anggeus dina peta kamalinaan, éta téh tanda anu
teges, jelema-jelema anu dibendon, baris :
harayang sakti leuwih ti Resi
harayang jaya liwat ti Déwa
harayang pangkawasana di jagatna
harayang pangagungna di jamanna ......
laju,
maraksa alam nurut karep ariyana ....
Laju Sang Déwa Hiyang Kala nyalukan tujuh putri Bidadari,
anu cikal, ngaranna  Nyai Putri Maya Indung
anu sadekna, ngaranna  Nyai Putri, Maya Kayangan
anu katilu, ngaranna  Nyai Putri, Arum Sinayungan
anu panengah, ngaranna  Nyai Putri, Mayang Mangarang
anu kalima, ngaranna  Nyai Putri, Mayang Mangsaweuhan
anu pangais bungsu, ngaranna  Nyai Putri, Arum Tineung
anu bungsu, ngaranna  Nyai Putri, Arum Wiyaga.

Ceuk Sang Déwa Hiyang Kala :”Jaba si Nyai anu bungsu, dia anu genepan mudu
ngalalana babarengan. Dia ti Kahiyangan mah, miang bareng satujuan. Tarurun dia
di jagat KAWAH HIYANG anu kiwari disarebut jagat kamanusaan ! Di éta jagat, alam
bakal dijarieun kusut!
Ulah sina kajadian !
Maya Indung, dia mudu ngagoda anu banjaran dina kajayaan, tapi jaya nyangsara
somah, Maya Kayangan, dia mudu ngagoda anu jaradi Pandita, tapi mahiwal tina
kapanditaan, Arum Sinayungan, goda ku dia anu raruhur pangkat, tapi
ngaleuleuwihan kakawasaan, Mayang Mangarang, goda ku dia anu tarani, tapi arudar
tina tali-paranti,
(3)
Mayang Mangsaweuhan, dia kabagénan ngagoda anu bareunghar hanteu sawajar.
Arum Tineung, dia mudu ngagoda sakabéh lalaki anu salingkuh jeung nganyenyeri
éwéna baé !
Nyai bungsu Arum Wiyaga ! Dia ogé turun ka Kawah Hiyang. Turun dia di Pajajaran
tengah beulah kidul. Siar ku dia, Dadap Malang teu jauh ti muhara Ci Mandiri ! Siar
ku dia, Sumur Haur Pamunyungan, laju dia wayahna mudu dia ngawaruga jadi
manusa dina lalakon anu mudu disorang ! Gawé dia sakabéh mudu dilampahkeun
dina wayah séwang-séwangna, dina mangsa anu ditangtukeunnana ku jaman ti
Kawah Hiyang ! Ulah dia ngitung ku wayah di kahiyangan, sabab di saban alam di
saban jagat wayah téh béda-béda !
Nu diurang disebut sapoé, di jagat séjén mah bisa sawarsa. Béda jagat, béda deui
alamna, béda deui ngitungna wayah !

Di Kawah Hiyang, wayah diitung ku poé, anu lilana dipatok ku bijilna matapoé nepi
ka surupna. Ari mangsa ? Mangsa di Kawah Hiyang ? diitungna tina lobana kali
témbong bulan nyorotna buleud !

Beusi dia kérok di ngitung wayah, di Kawah Hiyang, ku dia kabéhan tepungan Aki
LéNGSéR anu ayana di Gunung Gorowong!
Béjakeun ka inyana, dia dijurung éyang, mudu ngalalanana jaradi ronggéng dina
ngaran RONGGéNG TUJUH KALA SIRNA!

Jig ! Geura narindak !”
Ceuk nyi putri Arum Wijaga : “éYang ! Naeun gawé kaula engké?”
Ceuk Sang Déwa Hiyang Kala : ”Ti Gunung Gorowong, dia mah mudu misah, sabab
di bagian Kawah Hiyang anu disebut Pajajaran Tengah, baris aya loba jelema
nyarukcruk galur karuhun, marapay lacak Pajajaran. Tapi nyarukcrukna sabari
ngalamun, marapayna sabari ngaruksak ! Dijieun sina salasar ! Sasarkeun dina
kasmaran, lieurkeun dina katineung !

Kacaturkeun Putri Bidadari anu tujuh laju darangdan .....
T u n d a : Keun sina darangdan !
...........
“Hanca”

No comments:

Post a Comment