Alamat Mimpi Bag
1 (Paririmbon)
Paririmbon ~ 1 ~
1. Ngimpi
suka-suka, bakal paila, bakal susah.
2. Ngimpi lumaku ngalér, bakal meunang rejeki.
3. Ngimpi ningal panonpoé atawa bulan; bakal untung, meunang
darajat gedé, bakal boga anak pinter.
4. Ngimpi
samagaha, bakal meunang pancabaya.
5. Ngimpi
srangéngé tumurun ka bumi, asup ka imah; bakal meunang darajat.
6. Ngimpi ningal
méga beureum atawa hideung, bakal aya rupa-rupa kasusahan di désana.
7. Ngimpi
kahujanan, bakal aya anu méré, meunang rejeki.
8. Ngimpi nénjo
hujan, bakal jadi lurah.
9. Ngimpi katebak angin, bakal ruksak désana.
10. Ngimpi katebak angin laut, bakal éléh perang.
11. Ngimpi hujan buah, bakal meunang kabungahan.
12. Ngimpi mandi
dina cai hérang, bakal jauh tina kaprihatinan.
13. Ngimpi ningal
walungan keur gedé cai, bakal manggih amarah, pipaséaeun.
14. Ngimpi ningal
walungan ngolétrak caina, bakal kaanjangan ku urang désa séjén, bakal
dilurah¬an ku urang désa séjén.
15. Ngimpi
teuleum di talaga, bakal cilaka.
16. Ngimpi
teuleum di walungan, bakal cilaka.
17. Ngimpi
ngojay, bakal mubah panggawéna.
18. Ngimpi ngaluncatan
walungan, bakal pondok umur.
19. Ngimpi cai
laut amis, bakal meu¬nang rejeki, untung jalan tina rupa-rupa pancabaya.
20. Ngimpi nginum susu, bakal meu¬nang rejeki halal.
21. Ngimpi,boga hayam jago, bakal boga anak lalaki.
22. Ngimpi loba hayam, bakal rea murid anu ngaguru.
23. Ngimpi ningal daging afawa meuncit sato, bakal
kapapaténan.
24. Ngimpi lubak-libuk daging embé, bakal kapapaténan.
25. Ngimpi ningal maung; bakal diasih ku ratu.
26. Ngimpi kadatangan maung, bakal katatamuan ku ménak.
27. Ngimpi aya maung asup ka imah, bakal jeneng, naek
pangkat.
28. Ngimpi
digégél sato galak, bakal diasih ku jelema.
29. Ngimpi ningal
pamegaran oray matih, bakal diambek ku pamajikan.
30. Ngimpi ningal
liang oray, bakal panjang umur.
31. Ngimpi
kahuruan, bakal cilaka gedé, bakal manggih napsu.
32. Ngimpi
ngampihan seuneu; bakal cukul pakaya.
33. Ngimpi nénjo
gunung, bakal meunang béja.
34. Ngimpi nyaba
ka gunung, bakal meunang nugraha.
35. Ngimpi kaluar
ti leuweung, bakal leuleungiteun.
36. Ngimpi asup ka masigit, bakal meunang bagja.
37. Ngimpi nyieun imah, bakal laksana pakarepan, bakal boga
pamajikan.
38. Ngimpi aya nu
mergasa, bakal pi¬nanggih susah.
39. Ngimpi
ngadégdég atawa hareu¬dang, bakal kadatangan cilaka, karurugian.
40. Ngimpi angin
gedé, tatangkalan rarungkad, bakal paila.
41. Ngimpi aya di
tengah sagara, bakal meunang duit.
42. Ngimpi palid
ka laut, bakal hasil paneja tapi batur réa anu ngéwa.
43. Ngimpi
ngarasa panas, bakal meunang rejeki tina jalan sérong.
44. Ngimpi dahar
buah, bakal aya nu macikeuh.
45. Ngimpi ningal warna-warna kembang, bakal jadi pangkat.
46. Ngimpi dahar lauk bagong, bakal meunang rejeki.
47. Ngimpi dahar lauk sapi/lauk munding/lauk hayam/létah,
bakal meunang kahadéan.
48. Ngimpi kaboyong ku musuh, bakal balik ka bali geusan
ngajadi.
49. Ngimpi ningal bentang, bakal meunang bagja.
50. Ngimpi unggah ka langit, bakal meunang darajat gedé.
51. Ngimpi samagaha srangéngé atawa bulan, raja bakal susah
lantaran nagara ruksak.
52. Ngimpi bulan asup ka imah, bakal untung gedé.
53. Ngimpi ningal cai datang, bakal amarah.
54. Ngimpi teuleum dina cai kiruh, bakal tatapa.
55. Ngimpi
ningali walungan caina hérang, bakal nampa barang emas inten.
56. Ngimpi nginum
di walungan, ba¬kal diseuseul ku dunungan tapi laksana panejana.
57. Ngimpi teuleum
dina cai hérang, bakal sugih.
58. Ngimpi nginum
cai hérang, bakal teguh agamana.
59. Ngimpi nginum anu kentel-kentel, bakal boga emas pérak.
60. Ngimpi paparahuan, bakal susah.
61. Ngimpi ningal sinar srangéngé, damar atawa haseup, bakal
gam¬pang sagala karep.
62. Ngimpi ningal seuneu ti kajauhan, bakal panjang umur.
63. Ngimpi kapeutingan, bakal sasar lampahna.
64. Ngimpi jadi
lintuh, bakal luput tina bahaya.
65. Ngimpi ningal
gunung atawa seuneu ti kajauhan, bakal diasih ku dunungan.
66. Ngimpi sambéang,
bakal laksana paneja.
67. Ngimpi
dicabak sirah, bakal tinekanan paneja.
68. Ngimpi
kaanjangan, bakal mimitran jeung saluhureun.
69. Ngimpi
diragap awak, bakal gering parna atawa bakal kasemahan baraya.
70. Ngimpi
papanggih jeung awéwé, bakal kawin.
71. Ngimpi
beungeut jadi bodas, bakal boga pamajikan.
72. Ngimpi dibura
oray, bakal meunang pipamajikaneun, bakal ka¬win.
73. Ngimpi
dipacok oray, bakal cilaka ku musuh.
74. Ngimpi hayang
bubuang, bakal salamet.
75. Ngimpi nanjak
ka gunung, bakal naék pangkat.
76. Ngimpi nimu
pakarang, bakal naék pangkat.
77. Ngimpi mandi,
bakal gering.
78. Ngimpi tumpak
kuda, bakal gering.
79. Ngimpi
bubuang, bakal kacilakaan, leuleungiteun (ceuk sawaréh bakal untung).
80. Ngimpi néwak manuk, bakal meu¬nang bagja.
81. Ngimpi imah kahuruan, bakal meunang bahaya gedé.
82. Ngimpi
kadatangan jelema loba, bakal kapapaténan.
83. Ngimpi hiber,
bakal untung.
84. Ngimpi
katinggang kai, bakal cilaka gedé.
85. Ngimpi sumur
pinuh ku cai, bakal cukul sagala gawé.
86. Ngimpi gelut
éléh, bakal gering.
87. Ngimpi
disalin ku papakéan weuteuh, bakal naék pangkat boga gawé anyar.
88. Ngimpi
cacarita jeung sepuh nu geus teu aya di kieuna, bakal panjang umur.
89. Ngimpi
suhunan tisorosod, bakal susah.
90. Ngimpi nimu
duit, bakal radang.
91. Ngimpi maéhan
oray, bakal moal jadi pakarepanana.
92. Ngimpi
dipacok oray matih; bakal diasih ku awéwé.
93. Ngimpi
nungkulan nu kariaan, bakal aya nu kapapaténan.
94. Ngimpi
punglak huntu ti luhur, bakal kapapatenan ku saluhureun.
95. Ngimpi
punglak huntu ti handap, bakal kapapaténan baraya sahandapeun
mugya aya
manfa'at na,,saur paripaos ngimpi mah kembang na sare,...urang uih deui kana
pamadegan sewang sewangan,,,(hanca)
paririmbon basa sunda……
………
No comments:
Post a Comment