Sampurasun..............
TAPA BRATA
numutkeun ringkesan Pustaka Raja Purwa
Ngalaksanakeun
Brata dibagi lima, saperti:
1. ANARIMA, kudu
ngirangan tuang sareng leueut
2. EMUT kana wadah ngirangan kuleum
3. HEUNTEU SARE
WADAH, Ngirangan jinah jauh tina Jinah anu lain hakna
4. SANTOSA sareng
wadah nyegah Amarah
5. .PANALANGSA,
atawa menjesel, sareng wadah ngiranganb cariosan
Dina bagian ka
hiji lebet kana Siloka kieu :
“Sa alus2na dahar seubeuh, leuwih alus kirang
dahar. Saalus-alusna dahar
seubeuh lewih alus kirang dahar. Saalus-alusna kirang dahar, leuwih
alus dahar sakatimuna. Saalus-alusna
dahar sakatimuna, leuwih alus dahar geus
lapar, Saalus-alusna dahar geus lapar, leuwih alus puasa sakapangigihna”
Brata nu ka dua :
Saalus2na sare,leuwih alis melek. Saalus2na
melek, leuwih alus nyaring. Saalus2na nyaring leuwiha alus diuk. Saalus2na diuk, leuwih alus nangtung.
Saalus2na nangtung,leuwih alus
leuleumpangan.
Mun bae ngalaksanakakeun eta sarat, kudu milari tempat anu sirna. Sareng dina waktos wengi,
ayana dina tempa anu suni, tiap wengi
kudu puasa.
Ngawitan ti surup Surya, teras jalan-jalan teu kengeng cacariosan upami aya jelema ngambek,
poma urang ulah rek napsu, upami
patepang jeung istri geulis urang ulah rek bogoh.
Saalus2na kedah siram di muarasarta kedah kagungan manah rek
ngacurkeun ka kotoran salira,
Saren siram dugi ka enjing, upami eta unggal wengi
dilaksanakeun, biasana sok kenging rahmat ti Hyang Widi.
Ngajalankeun sarat 8 rapa, saperti :
1. Watek Bumi; kudu
daek Dana (amal) jeung ngagumbirakeun jalma anu
laleutik, naom bae tatangkalan anu jadi dibumi anjeun, kudu suka
dicokot jalma anu laleutik, Entong deui
tatangkalan, sanajan harta banda, atawa
jiwa dicokot sawaktu2 bisa pulih deui, jeung teu aya urutna.
2. Watek Cai: Anu
salawasna ngagelarkeun hampura jeung maap, teu daek ngabeda2bedakeun ka sasama, jeung bisa
nengtremkeun hate anu Risan (kalut),
upama dicokot sawaktu-waktu bisa pulih deui jeung teu aya urutna.
3. Watek Seuneu, bisa nyampurnakeu kotoran anu aya di
Bumi, bisa ngababab anu suni-suni supaya
bisa jadi caang sanajan dicolot ku
batur, teu matak leungit rupana jeung teu kayahoan tingkah lakuna.
4. Watek Angin,
salawsna ngajalankeun titi pariksa, ajem jeung sabar terus2an, ngarti kana kahayang batur bisa
manaruhan ka jalma nu gede, sumawona
kanu leutik, jeung bisa nempatkeun diri dina sagala rupa lapisan.
5. Watek Surya Sagala kahayang serba soleh jeung sabar
sagala kalakuan reujeung kawaspadaan, supaya meunang ka bijaksanaan.
6. Watek Bulan, bisa ngarendahkeun awak jeung bisa anrik ati
sasama manusa, jeung bisa pergaulan sasama manusa saamparing jagat.
7. Watek Bintang, teguh tur santosa, tetep kana janji jeung
beunang di percaya.
8. Watek Mendung,
bisa mere pangadilan anu tepat, jeung mere ganjaran, anu saganjang2na, saha anu pantes di bere pujian
jeung saha anu pantes dibere ganjaran.
Cahya kilat saperti anu mariksa ngukur kasatuan, mariksa
kasatiaan.
(Kintunan Kang Raden Dodi)
No comments:
Post a Comment