Kidung Siliwangi
Bismillah ngawitan ngidung
Bari nyebat asma Alloh
Ka batara ka batari
Ka pohaci neda suci
Kadewata neda suka
Paralun anu kasuhun
Nu ti wetan mayun ngulon
Nu ti kulon mayun ngetan
Nu tikidul mayun ngaler
Nu tikaler mayun ngidul
Mayunan ciri nu tunggal
Manunggal disakabeh alam
Kami cunduk tinu jauh
Carita jaman baheula
Gelarna jaman ayeuna
Wawarti jaman bihari
Jadina jaman kiwari
Gumulung ngajadi hiji
Jerit ati sang sri dewi
Koceak ambu pertiwi
Dewi asri mayang sunda
Citra resmi cinde maya
Nganti nganti ti bihari
Ngantos ngantos tibaheula
Duh geuning ku teungteuingeun
Sunan ambu dikayangan
Pohaci dikalanggengan
Sepi simpe taya beja
Ambu sunan mangga lenggah
Sami ngantosan panutan
Sunan ambu ratu kidul
Ratu kulon ratu kaler
Ratu wetan kidul deui
Para ratu sadayana
Kadang wargi seuweu siwi
Hayu urang sami keumpel
Bilih teu kasebat nami
Bilih teu kaceluk jenengan
Gupay deudeuh hiap teuing
Paralun anu kasuhun
Ratu banyu ratu bayu
Pamayang ti pajajaran
Sunan ambu ratu inteun
Jeung dewi anggarawati
Wedalan karaton teungah
Ratu dewi purnama sari
Shinta dewi ratu mathili
Ratu dewi purbasari
Nu linggih dikaraton kulon
Nu linggih dikaraton kidul
Nu linggih dikaraton teungah
Alam jagat goromiyangan
Sumangga geura lalugay
Ieu geuntra nu prihatin
Apan janji tibihari
Aya subaya tibahela
Lalampahan anggeuskeuneun
Gentreng ninun dayang sumbi
Ninun waktu milang wanci
Kiwari mangasa lugay
Para pohaci sadaya
Lalungsur kamarcapada
Nyarengan nu baris midang
Ratu agung gumulung tunggal
Imanna alam jeung jaman
Siliwangi nu katelah
Surya ningrat cakra ningrat
Sang surya nya’angan alam
Wawangi minuhan jagat
Nyingraykeun kabeh halimun
Nu moekan ngahalangan jalan
Urang sunda pajajaran
Tuh di awing awing
Uwung uwung numelengkung
Aya cakra manggilingan
Pertanda cirri nu pasti
Nya rama maparin iber
Lumungsur kamarcapada
Kidung Siliwangi
Bismillah ngawitan ngidung
Bari nyebat asma Alloh
Ka batara ka batari
Ka pohaci neda suci
Kadewata neda suka
Paralun anu kasuhun
Bul kukus mendung kamanggung
Nyimpeun ciri ku wawangi
Tandana saji babakti
Tawisna raga jeung sukma
Madep mayun kayang agung
Nu agung di mandala agung
Nu ti wetan mayun ngulon
Nu ti kulon mayun ngetan
Nu tikidul mayun ngaler
Nu tikaler mayun ngidul
Mayunan ciri nu tunggal
Manunggal disakabeh alam
Kami cunduk tinu jauh
Carita jaman baheula
Gelarna jaman ayeuna
Wawarti jaman bihari
Jadina jaman kiwari
Gumulung ngajadi hiji
Jerit ati sang sri dewi
Koceak ambu pertiwi
Dewi asri mayang sunda
Citra resmi cinde maya
Nganti nganti ti bihari
Ngantos ngantos tibaheula
Duh geuning ku teungteuingeun
Sunan ambu dikayangan
Pohaci dikalanggengan
Sepi simpe taya beja
Ambu sunan mangga lenggah
Sami ngantosan panutan
Sunan ambu ratu kidul
Ratu kulon ratu kaler
Ratu wetan kidul deui
Para ratu sadayana
Kadang wargi seuweu siwi
Hayu urang sami keumpel
Bilih teu kasebat nami
Bilih teu kaceluk jenengan
Gupay deudeuh hiap teuing
Paralun anu kasuhun
Ratu banyu ratu bayu
Pamayang ti pajajaran
Sunan ambu ratu inteun
Jeung dewi anggarawati
Wedalan karaton teungah
Ratu dewi purnama sari
Shinta dewi ratu mathili
Ratu dewi purbasari
Nu linggih dikaraton kulon
Nu linggih dikaraton kidul
Nu linggih dikaraton teungah
Alam jagat goromiyangan
Sumangga geura lalugay
Ieu geuntra nu prihatin
Apan janji tibihari
Aya subaya tibahela
Lalampahan anggeuskeuneun
Gentreng ninun dayang sumbi
Ninun waktu milang wanci
Kiwari mangasa lugay
Para pohaci sadaya
Lalungsur kamarcapada
Nyarengan nu baris midang
Ratu agung gumulung tunggal
Imanna alam jeung jaman
Siliwangi nu katelah
Surya ningrat cakra ningrat
Sang surya nya’angan alam
Wawangi minuhan jagat
Nyingraykeun kabeh halimun
Nu moekan ngahalangan jalan
Urang sunda pajajaran
Tuh di awing awing
Uwung uwung numelengkung
Aya cakra manggilingan
Pertanda cirri nu pasti
Nya rama maparin iber
Lumungsur kamarcapada
***saya punya beberapa Pustaka Sunda Kuno yang hampir sama bunyi Kidungnya dengan Kidung ini, tapi secara umum beda.
ReplyDelete1. SANGHYANG SASANA MAHA GURU
2. KALA PURBAKA
3. TUTUR BWANA
4. MANTRA KUNA
5. PAKELING SUNDA KUNA
6. SANGHYANG JATI MAHA PITUTUR
7. PITUTUR NING JALMA
Pernah Akang Rusli dengar nama-nama Pustaka Sunda ini. Pustaka ini saya dapatkan dari seorang sahabat yang yang kerja di Perpustakaan Nasional RI. Beliau teman dekat Kang Ayat Rohaedi, Uka Candrasasmita, dan Budayawan Sunda yang lain...Salam Rahayau,,,,
Trmksh Kang Mukhtar...saya pernah dengar salah satunya seperti SANGHYANG SASANA MAHA GURU,,MANTRA KUNA....
ReplyDeletedemi melestarikan Budaya Nusantara,khususnya SUNDA...semoga kembali jaya Nusantara...
Rahayu _/|\_