CATURANGGA KUDA NURUTKEUN kapercayaan bangsa urang, kajaba ti ajian-ajian, jampé-jampé sareng pamaké téh; réa deui anu baroga kasiat, disangka sarta dipercaya gedé mawatna, réa perbawana ka nu miara atawa nu miboga, nya éta saperti: batu-batu, hoé-hoé, tatangkalan, dangdaunan, pakarang jeung sasatoan; dalah jelema, éta ogé dipercaya yén aya perbawana, aya wa¬tekna nurutkeun kana wanda, adeganana, jeung ciri-ciri nu aya dina dirina. Éta kapercayaan kitu téh ditambahan sarta dikandelan ku titinggal Hindu. Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, unina: siti, paksi, curiga, turangga, Ian wa¬nita. Siti, hartina: tanah; pakarangan. Paksi hartina: manuk, babakuna anu dipimaksud di dieu titiran. Curiga, hartina pakarang; babakuna pakarang anu pamoran kayaning keris, tumbak, gobang. Turangga, hartina: tutunggangan, nyaéta kuda. Wanita, hartina: istri, awéwé. Tah ieu anu lima rupa, anu jadi babaku kapercayaan dianggap gedé perbawana atawa rajeun gedé mamalana ka n...