SIMBOL DINTEN-DINTEN
Salam
kasadayana Baraya,ieu mah mung ukur ngiringan ngawurkeun wawangi na
titinggal karuhun,nyaeta warisan kalinuhungan luluhur KISUNDA,dina ngama’naan
falsafah sarta ajen –inajen KaManusaan sugan manawi kaanggo tur manpaat dina nata na-diri,nata
jiwa,nata Raga-na,nata na-Gara,mugya jaya SILIH-WANGI di bwana
,nanjeurkeun Ka-Raharjaan tur Ka-Rahayuan ,,, Mugia _/\_
I. Simbol Dinten , Naktu na
:
1. SENEN,
simbolna KEMBANG- prak geura pelak Kembang malati anu ligar dina ati, campaka
nyampakna dada, bawa lempang lir panganten anyar anu pinuh ku suka
bungah...ucap salam laku lampah teu weleh ku sumebarna wawangian., mangka urang
bakal nampi salam kawilujengan.
**NAKTU = 4
2. SALASA,
salasa sipatna teh Seuneu.., leutik jd batur poek, gede jd amarah...sing ati2
dina lalampahan ngagunakeun " seuneu ". Mugia dinten ieu urang tiasa
masihan teuleub haneutna keukeup tur nyandak caang kabalarea…
**NAKTU = 3
3. REBO,
rebo lambangna DAUN nu gaduh pasipatan ngaiuhan, nandean mentrangna panon poe
sareng cai hujan, ngabagikeun kanu dahan-tangkal tuluy ka akarna tug dugi kanu
taneuh pikeun lumangsungna kahirupan,. Daun mah lungguh tur saimbang, pucuk jd
ubar, garing jd pupuk. Mugia urang tiasa diajar kahirupan tina daun, hirup
manfaat tileuleutik, gede jd pangayom anu adil.
Wilujeng .. mancen damel sing laksana sagala paneda.
**NAKTU = 7
4. KEMIS,
simbolna ANGIN, miboga pasipatan nepikeun jeung nepakeun kahirupan, Nyarengan
gentra haleuang ngadalingding beurang jeung peuting Nyekel pancen tugas mulya,
hiliwirna panggeuing hariring ati anu matak tingtrim kana ati, gumuruhna matak
keueung ngageterkeun raga, ngagerak sagara, ngarojong sagala upaya, angin mawa
sora bathin jadi lisan, lisan jadi bewara.
Wilujeng dinten Kemis....mugia AMANAH sagala pancen.
**NAKTU = 8
5. JUM’AT lambangna CAI, cai datangna tluhur kahandap, tihandap
kaluhur mangrupa ibun. Cai ngawujud kumaha wadahna (beradaptasi),dina rupa-rupa
bentuk, kitu oge ngarana gumantung kana patempatan jeung samara anu
dikandungna, aya cai laut, cai hujan, cai leuncang,...jst. 75% dina diri urang
aya cai anu disamaraan ku yakin, kiruh jeung herangna cai dina diri gumantung
ucap jeung pikirna nu ngajadikeun laku
lampahna da cai mah nurut kana aturan jalana dina mengkol milu mengkol dina
nyurup milu nyurup.
Wilujeng dinten
Jum’at...mugia urang salawasna
dijantenkeun jalmi anu clak putih clah herang, lantip pikir wening ati.
**NAKTU = 6
6. SAPTU,
simbolna TANEUH/BUMI anu jadi titincakan
urang hirup, nyumponan sagala tarekah manusa, benghar ku sagala eusina pikeun dimanfaatkeun
samustina, , Bumi muter dina porosna nu
hartosna bumi mah istiqomah, panjeg dina galurna, muterna mere kasaimbangan
pikeun napak dialam dunya,tp Bumi ge
bakal ngadakwa kanu sarakah komo
ngaruksak kana teu amanah
Wilujeng dinten
Saptu...mugia urang sadaya Panceg dina galur ..maslahat pikeun sasama.
**NAKTU = 9
7. MINGGU
simbolna MEGA atawa AWAN anu cicingna aya diluhur, “ nembrak tara
dibuni-buni”, bodas nyacas lir kapas sutra lalambaran mawa endah satukembing
langit nu jadi saksi sagala laku...Mega
mawa beja ku robahna warna...pikeun ngelingan manusa datangna salin carita.
Wilujeng dinten
minggu....Mugia urang kalebet insan anu JUJUR , eces balaka nu dipulas ku endahna rasa….
**NAKTU = 5
Wilujeng nyeubarkeun wawangi …
Haturnuhun kasadayana …. Mugya manpaat
Salam Rahayu _/\_
*** CAG ***
Di edit deui Ku :
Rulii Hermawan Permana
Sumberna Ti :
Robby Maulana Dzulkarnaen
No comments:
Post a Comment