MANTRA SUNDA bag-1
Mantra Sunda 1.1 Kasang Tukang Masalah Tiap-tiap sélér bangsa tinangtu pada-pada mibanda ajén budaya. Ajén budaya hiji sélér bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu aya patalina jeung kahirupan manusana. Budaya mibanda harti: “kelompok adat kebiasaan , pikiran, kepercayaan, dan nilai yang turun-temurun dipakai oleh masyarakat pada waktu tertentu untuk menghadapi dan menyesuaikan diri terhadap segala situasi yang sewaktu-waktu timbul, baik dalam kehidupan idividu maupun dalam kehidupan masyarakat sebagai keseluruhan” (Baried, 1983: 85-86). Sakumaha anu kaunggel di luhur yén kabudayaan téh nya éta rupaning hal anu aya patalina jeung kahirupan. Dina raraga mikanyaho kabudayaan hiji s é l é r bangsa tinangtu perlu mikaweruh unsur-unsur budaya nu umum atawa universal. Nurutkeun Koentjaraningrat (1974,12) aya tujuh unsur budaya anu miboga sipat universal , nya éta 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pengetahuan, 4 )...