cuplikan ''Lalakon Sang Hyang Nurcahya''
cuplikan ''Lalakon Sang Hyang Nurcahya'' Ti ; Ki Sura Situking Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeuna hoyong terang sorga.Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngadongeng yen sorga eta ayana dina hulu walungan anu pang ageungna di talatah Afrika.Sang Hyang Nurcahya percanten ka eta dongeng lajeng ngalalana milarian sorga nuturkeun eta walungan. Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung bibina,nyaeta putra putri Sang Hyang Adama anu kalima belas namina Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nuju tatapa di sisi eta walungan,Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeunna putrana Sang Hyang Sita,Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nampi kadatangan Sang Hyang Nurcahya,lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung winarah sadaya lalakon anu parantos atawa bakal kasorang.