cuplikan ''Lalakon Sang Hyang Nurcahya''
Ti ; Ki Sura Situking
Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeuna hoyong terang
sorga.Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngadongeng yen sorga eta ayana dina
hulu walungan anu pang ageungna di talatah Afrika.Sang Hyang Nurcahya percanten
ka eta dongeng lajeng ngalalana milarian sorga nuturkeun eta walungan.
Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung
bibina,nyaeta putra putri Sang Hyang Adama anu kalima belas namina Sang Hyang
Lata sareng Dewi Uzza nuju tatapa di sisi eta walungan,Sang Hyang Nurcahya
nyarita yen anjeunna putrana Sang Hyang Sita,Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza
nampi kadatangan Sang Hyang Nurcahya,lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung
winarah sadaya lalakon anu parantos atawa bakal kasorang.
Lajeng Sang Hyang Nurcahya nereskeun milarian sorga dugi ka
talaga Jambirilahiri di hulu walungan anu ayana di puncak Guhung Kaspia,Sang
Hyang Nurcahya ngahuleg ngaraga meneng kaduhung ku bingung margina teu mendakan
ayana sorga.
Aya sora tina jero kawah Gunung Kaspia anu api sareng latuna
paling kolenyay murub mubyar,ngaku-aku yen mantena eta Gusti Amurba Bumi anu
kagungan sora sareng naraka.eta sora dadamelan Danyang Azazil anu malih
warni.Sang Hyang Nurcahya melesat ka jumantara ngadep Gusti Amurba Bumi nyuhun
diweruhan ayana sorga.Sang Hyang Nurcahya lebet kana sosoca anu katelah
Ratnadumilah,ningali kaendahan sadaya eusi sorga.
Saparantosna kaluar tina jero sosoca,Danyang Azazil anu
malih warni jadi Gusti Amurba Bumi masihkeun Ratnadumilah ka Sang Hyang
Nurcahya.Kasaktian eta sosoca teh sadaya anu dipicipta aya,anu dipikahayang
datang,teu keuna ku tunduh,teu keuna ku laralapa.Lajeng Sang Hyang Nurcahya
diwuruk elmu pangiwa panitisan,manjing suruping pati,lampahna
cakramanggilingan.
Sang Hyang Nurcahya teu hayang mulang ka
Kusniamalabari.Danyang Azazil nuduhan hiji talatah anu tiasa didunungan ku Sang
Hyang Nurcahya anu katelah Lokadewa.Lajeng Sang Hyang Nurcahya angkat ka eta
tempat.
Di Lokadewa Sang Hyang Nurcahya neraskeun tapana di pucuk
gunung nuturkeun lampahna panon poe.Wayah janari nganghareup ka wetan,tengah
poe nyanghareup kaluhur,wayah sareupna nyanghareup ka kulon.Lamina eta tatapa
tujuh taun,dugi anjeuna ngaraga sukma lebet kana alam Sunyaruri
awang-uwung,nyaeta alam Banujan,Sang Hyang Nurcahya dumunung di eta alam lamina
sarebu taun.
Kocap kacarita aya hiji ratu banujan anu ngadanyangan
Lokadewa namina Danyang Maladewa,putrana Danyang Harataketu.Anjeuna nuju ngider
bumi ningali aya cahaya murub mubyar sanes surya gilang gumilang sanes bentang
kadia sosoca sanes candra,nanging cahaya sukma trahna Sang Hyang Adama.
Dangyang Maladewa bade nyepeng eta cahaya nanging teu
tiasa.Lajeng janten bandayuda ogol begalan pati sareng eta cahaya sukma anu
ngaku aku Amurbamisesa Alam.Danyang Maladewa eleh taluk ka Sang Hyang
Nurcahya,anu saterasna ngadeg ratu di Lokadewa sareng migarwa putrina Danyang
Maladewa anu katelah Dewi Mahamuni.Sadaya kulawarga sareng wadiabala Danyang
Maladewa sami ngdep taluk hamarikelu ka Sang Hyang Nurcahya anu kasebat Dewata
nyaeta guru linuhung Lokadewa.Eta wiwitanna para dewa disebat Sang Hyang margi
julukan anu diagem ku Sang Hyang Nurcahya.
Kocap kacarita Sang Hyang Nurcahya julukanana Sang Hyang
Dewata,Sang Hyang Dewapamungkas,Sang Hyang Atmadewa,Sang Hyang Sukmakawekas,Sang
Hyang Amurbengrat,Sang Hyang Manon,Sang Hyang Permana,Sang Hyang Permata,Sang
Hyang Mahawidi,Sang HyangMahasidi,Sang Hyang Mahamulia,Sang Hyang
Kahanantunggal,Sang Hyang Jagatmurtitaya,eta putrana Sang Hyang Sita,incuna
Sang Hyang Adama.
Sang Hyang Nurcahya gaduh putra tunggal ti garwana Dewi
Mahamuni,anu namina Sang Hyang Nurasa margi kasipta tina aworna cahaya sareng
rahsa anu di siram Tirtamarta Kamandalu
Lalakon Sang Hyang Nurasa
Saparantosna Sang Hyang Nurasa dewasa,lajeng Sang Hyang Nurcahya
ngawariskeun karaton ka putrana sareng masihan Cupumanik Astagina,Lata
Maosadi,sareng Ratnadumilah,Sang Hyang Nurcahya lajeng nyipta Pustaka
Darya,nyaeta seratan dina emutan,mantra tanpa sora,sora tanpa sastra,anu
nyaritakeun lalampahan anjeuna.Pustaka Darya oge dipasihkeun ka Sang Hyang
Nurasa
Cag
No comments:
Post a Comment