Posts

Showing posts from November, 2013

Sumirat Cahya Dina Wewengkon Sukma

Sumirat Cahya Dina Wewengkon Sukma- Gung Degung Ngadegna Hyang Agung Mapag kidung….. Cianjuran ciri anu ngajurung pangabdian Patarema jeung gelik suling nu ngajak diri…Nyumurup nyumerepkeun ka eling Ka Gusti Nu Maha Suci Pamuntangan diri pikeun sakumna pangabdi Hayu mulang kana ka sajatian Jati nu mawa kawalagrian Jati nu mawa kasampurnaan Jati nu baris mayungan ku kasalametan Asyhadu anlaa ila ha ilalloh wa asyhadu anna Muhammadarosulluloh Teu daya teu upaya anging gusti Nu Maha Kawasa ……… Hariring lain nu kuring Haleuang lain nu urang Hariring Kagungan Nu Maha Wening Haleuang Kagungan Nu Maha Wenang Kidalang asep