Friday, October 4, 2013

Panggeuing Éling Waspada Tingal Permana


Panggeuing Éling Waspada Tingal Permana :

Iblis, nyaéta cahaya beureum kasajatian seuneu nu nganyawa nitis di alam ma’rifat tangtungan
jatidiri nyawa adam nu ngabuahkeun kakuatan nafsu, jadi amparan lampah upaya dina kabéngkokan
dina wangunan kahirupan nyawa adam.

Sétan, nyaéta kasajatian nafsu nu nyukma di alam hakékat lahir sareng hakékat batin tangtungan
jatidiri akma sareng sukma adam, ngabuah kadoliman, jadi amparan lampah upaya karuksakan dina
wangunan kahirupan akma – sukma adam.

Dajal, nyaéta kasajatian karuksakan nu ngusumah ( ngawaruga ) di alam syaré’at batin tangtungan
jatidiri jiwa adam salaku jalma/manusa makhluk bumi ( golongan sato/ homo sapiéns nu jadi
tutunggangan adam) khalifah bumi ( Ki Angon ) ngabuah karongkahan nu jadi amparan lampah
kanistaan dina wangunan kahirupan jiwana.


Kanistaan, nyaéta kasajatian dajal nu ngusumah ( ngawaruga ) di alam syaré’at lahir tangtungan
jatidiri raga adam salaku jalma ( manusa ) makhluk bumi ( golongan sato / homosapiéns )
tutunggangan adam khalifah bumi ( Ki Angon ). Ngabuah kacida nu jadi amparan lampah kiamah.

Kiamah, nyaéta ancur – ancuran ( karuksakan ) nu lahir tina lampah kacida wangunan karongkahan
amparan kadoliman, diadegkeun ku kabéngkokan wangunan nafsu angkara– tangtungan seuneu
kasajatian iblis nu hirup dina diri, hurip rumingkang dina nyawa urang, ngabuah naraka pikeun
hirup hurip urang. Hirup ngaraga jeung hurip ngajiwa rumingkang dina wujud kasajatian nanajis
jeung kakiruhan, babau jeung kakotoran, acak – acakan jeung paburantak, aing – aingan jeung
pakia– kia, nu ngalahirkeun keclakna cimata raga saripari hirup acining hurip lampah naraka, medalkeun
kanyeri, kapeurih, tunggara, sangsara jeung katalangsara ka diri jeung balaréa.
Nu jadi cukang lantaranna, ku ilangna amparan kasajatian, runtuhna tangtungan jatidiri, abrukna
wangunan kasajatian urang. Mangka sirna kahormatan ilang harga diri urang salaku diri jeung abdi
kaula adamna, salaku hamba jeung agamana, salaku kaum jeung kasukuanana, salaku anak bangsa
jeung nagarana, salaku umat manusa jeung bumi nu jadi ladang pangangonan tempat pangguyangan
lampahna anak incu adam.

No comments:

Post a Comment