1.1 Kasang Tukang Masalah
Tiap-tiap
sélér bangsa tinangtu pada-pada mibanda ajén budaya. Ajén budaya hiji sélér
bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu aya patalina jeung kahirupan
manusana. Budaya mibanda harti:
“kelompok adat kebiasaan , pikiran,
kepercayaan, dan nilai yang turun-temurun dipakai oleh masyarakat pada waktu
tertentu untuk menghadapi dan menyesuaikan diri terhadap segala situasi yang
sewaktu-waktu timbul, baik dalam kehidupan idividu maupun dalam kehidupan
masyarakat sebagai keseluruhan” (Baried, 1983: 85-86).
Sakumaha anu kaunggel di luhur yén kabudayaan téh nya éta
rupaning hal anu aya patalina jeung kahirupan. Dina raraga mikanyaho kabudayaan hiji sélér bangsa tinangtu perlu mikaweruh
unsur-unsur budaya nu umum atawa universal. Nurutkeun
Koentjaraningrat (1974,12) aya tujuh unsur budaya anu miboga sipat universal, nya éta 1)
sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem
pengetahuan, 4) basa, lisan
jeung tinulis, 5) kesenian, 6) sistem
pakasaban, jeung, 7) sistem
téknologi jeung pakakas.
Kamekaran budaya Sunda dina kahirupan henteu leupas tina
rupaning faktor anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang
masarakat kana karya sastra. Ieu hal téh patali jeung kalungguhan sastra salaku
karya seni. Karya seni mangrupa kréativitas manusa pikeun méré kasenangan jeung kani’matan
éstétis. Dina ambahan nu leuwih lega, kalungguhan karya sastra téh nya éta
salaku sarana pikeun nyumponan kapentingan, pikiran, jeung rasa manusa boh pikeun pribadi boh pikeun lingkunganana.
Karya sastra
mangrupa salah sahiji wujud tina kabudayaan anu gumelar dina kahirupan manusa.
Di Indonesia, hususna di masarakat Sunda karya sastra gelar dina rupa-rupa
wanda. Ieu hal téh nuduhkeun kajembaran hasanah budaya Sunda. Ayana
rupa-rupa wanda karya sastra lantaran
masarakat Sunda
anu rancagé, anu
ngabalukarkeun di masarakat Sunda leubeut ku hasil karyana.
Karya sastra
mangrupa rakitan basa nu éndah. Nu ngahudangkeun rasa éndah téh lain ngan ukur
tina jihat basana wungkul, tapi leuwih nyoko kana eusina. Hal anu ditepikeun
téh mangrupa tarékah pikeun nepikeun bebeneran. Jadi bisa disebutkeun yén basa
téh mangrupa titiron dunya subjektif manusa. Karya sastra mibanda kalungguhan
salaku karya seni nu digelarkeun ngagunakeun pakakas basa, salian ti mangrupa
média pikeun ngébréhkeun idé, kahayang, gagasan hirup, katut intuisi sacara
éstétis.
Sacara umum,
nilik kana wangunna karya sastra kabagi jadi tilu bagian, nya éta wangun lancaran, wangun puisi, jeung
wangun carita. Tilu wangun (génré)
sastra ieu gelar ngaliwatan (medium) lisan jeung tulisan. Karya sastra anu
gumelarna ngaliwatan tulisan tinangtu bakal leuwih lila tinimang karya sastra
nu gumelar ngaliwatan lisan boh umurna boh kaaslianana. Ieu hal gé sajalan jeung pamadegan
Iskandarwassid (2003:139) nu nétélakeun yén lamun nilik kana médiana, aya nu kagolongkeun
kana sastra lisan jeung tinulis. Disebut karya sastra lisan lantaran tumuwuhna,
mekarna, jeung sumebarna ngaliwatan media lisan (ucapan). disebut karya sastra
tinulis nya éta anu hirupna dina média tulis.
Nurutkeun kana
waktuna gelar karya sastra Sunda téh kabagi kana dua bagian nya éta: 1) karya
sastra Sunda buhun, nu mangrupa jangjawokan; kakawihan; pupujian; sisindiran;
pupuh; wawacan; carita pantun; dongéng; jeung 2) karya sastra Sunda modern nu
mangrupa carita pondok (carpon); novel; sajak jeung carita drama (Koswara,
2003: 107).
Salah sahiji karya sastra buhun anu gumelar
ngaliwatan lisan téh
nya éta mantra. Éta karya téh
mimiti langka, bisa disebutkeun geus teu dipaké tur diguar deui eusina. Padahal dina mantra sorangan
nyangkaruk ajén-ajén budaya manusa Sunda. Ku lantaran
kitu, sawadina urang Sunda ngayakeun panalungtikan ngaguar eusi jeung ajén
budaya nu nyampak dina karya sastra buhun. Ieu hal mangrupa tarékah pikeun
ngamumulé budaya Sunda karuhun anu geus diwariskeun ulah nepi ka teu
dipikanyaho ku generasi Sunda kiwari sarta pikeun bahan pieunteungeun dina ngalakonan kahirupan.
Panalungtikan
budaya bisa dilakukeun ku cara ngimvéntarisir, ngidéntifikasi, nganalisis jst. Aya sababaraha hal anu bisa
dilakukeun dina ngidéntifikasi
budaya. Kartodirjdo dina Herlina (makalah, 2008) nétélakeun yén idéntifikasi budaya
bisa dilakukeun ku cara nilik jeung metakeun unsur-unsur anu nyampak dina gaya
hirup salah sahiji masarakat, diantarana: 1) ngaran jeung gelar; 2) struktur
imah; 3) étikét jeung basa; 4) kahirupan kaagamaan jeung kapercayaan; 5) pusaka
jeung upacara sakral; 6) kasenian; jeung 7) rékréasi. Ku éta hal panalungtikan budaya bisa
dilakukeun ku cara ngaidéntifikasi unsur-unsur budaya anu universal sakumaha anu geus
disebutkeun di luhur ku Koentjaraningrat.
Naskah anu ditalungtik
dina ieu panalungtikan nya éta naskah
“Kumpulan Mantra”. Ieu naskah mangrupa salah sahiji naskah Sunda
buhun. Aksara anu digunakeun nya éta aksara Arab-Pégon, jeung basa anu
digunakeun nya éta basa Sunda, basa Arab, jeung basa Jawa.
Anu jadi
dadasar nyokot ieu judul nya éta: 1) pikeun ngawanohkeun deui karya sastra
Sunda buhun hususna mantra anu geus méh
dipopohokeun; (2) naskah
“Kumpulan Mantra” mangrupa téks fiksi, tapi éta téks teu
leupas tina kahirupan budaya dina mangsa éta mantra ditulis jeung digunakeun jeung; (3) ngadeskripsikeun ajén budaya nu aya
dina naskah “Kumpulan Mantra”.
Anu jadi puseur
pedaran panalungtikan nya éta ajén budaya Sunda nu aya dina naskah “Kumpulan Mantra”. Lantaran dina
éta naskah téh leubeut ku ajén-ajén budaya jeung kabiasan nu kungsi lumangsung.
Ajén-ajén anu luhung titinggal karuhun tangtu baris ngahudangkeun rasa
kareueus, ajén diri, anu satuluyna bakal ngaronjatkeun peradaban hirup urang
Sunda.
Panalungtikan-panalungtikan
ngeunaan mantra anu geus aya diantarana nya éta; “Bagbagan Puisi Mantra” (1970)
ku Yus Rusyana jeung “Apréasiasi Puisi Kesusastraan Sunda” (1984) ku Yetty
Kusmiati. Dina wangun skripsi diantarana nya éta; “Puisi Mantra pikeun Bahan
Pangajaran Aprésiasi Sastra Sunda di SMP” (Lina Herlinawati, 1997), eusina
ngeunaan téori mantra, conto analisis puisi mantra jeung model pangajaranana.
“Analisis Téks jeung Kontéks Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén
Sukabumi” (Rétty Isnéndés, 1998), nu eusina ngeunaan analisis téks jeung
kontéks puisi mantra. “Inventarisasi Puisi Jangjawokan di Kampung Anggacarang
Kacamatan Bojongloa Kidul Kota Bandung pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra
di SLTP” (Kiki Maria Hodijah, 2003), nu eusina ngeunaan pilihan référénsi jeung
inovasi anyar dina nepikeun pembelajaran ngeunaan puisi jangjawokan. “Analisis
Puisi Mantra di Désa Malati Kacamatan Naringgul Kabupatén Cianjur” (Dadang
Gunawan, 2004), eusina ngeunaan cara meunangkeunana (ngulik) jeung cara makéna
mantra, jeung “Puisi Mantra di Kampung Ciarileu Kacamatan Cikajang Kabupatén
Garut: Inventarisasi jeung Analisis Ajén Éstétis Struktur” (Aneu Nurlela 2008).
Kalayan dikasang tukangan ku
pentingna ngamumulé
ajén-inajén budaya nu nyampak dina
naskah-naskah heubeul ieu panalungtikan kudu dilakukeun. Panalungtikan anu
baris dilakukeun nya éta
ngidéntifikasi ajén budaya dina naskah heubeul wangun
mantra, jadi ieu panalungtikan dibéré judul “Idéntifikasi Ajén Budaya Sunda
dina Naskah Kumpulan Mantra”.
No comments:
Post a Comment