Sang Saka
Mustika Cahaya Pusaka Manunggal Lima
Milampah darma ngawurkeun rahayu kinasihan, dina lampah
kasajatian nu ngagusti, nganyawa
sareng musaka ka sakumna papada kaula anak bangsa tur papada
kaula jalma pangeusi alam buana
Kasajatian Deugdeug
Jaya weuteuh ( Deugdeug Jaya Batuwangi Galuh Pakuwon Silihwangi Pajajaran )
Pikeun nangtungkeun amparan tangtungan jatidiri sareng
ngamparkeun amparan wangunan
kasajatianana, sangkan ngadeg para calon satria nagri /
satria buana sareng satria cahaya dina
adegan nu sajati wangunan nu jaya.
Kasajatian Batuwangi
Pikeun nangtungkeun tangtungan jatidiri nu geus pada runtuh
ngabangké kahuripan, dina
tangtungan batu satangtung kasajatian wawangi sajati wangi
arum ( Satria wangi ),
sangkan tepung jeung kasajatian cager, bageur, bener, pinter
jeung singer.
Kasajatian Silihwangi
Pikeun ngadegkeun wangunan kasajatian asah, asih sareng asuh
jeung papada kaula diri,
papada kaula hamba, papada kaula kaum, papada kaula jalma
umat manusa, papada kaula makhluk
alam jagat raya, pikeun nutuh jaman sato ngarompag jaman
édan muru arédan, nu geus ngamparkeun
bangké kahirupan nyebarkeun babau kahuripan.
Kasajatian Khidir
Pikeun ngahirupkeun hurip ngahuripkeun hirup. Ngahirupkeun
cahaya ngahuripkeun nyawa,
ngahirupkeun tangtungan ngahuripkeun wangunan kasajatian,
neumrag popoék ngarompag jahiliah.
Kasajatian Pajajaran ,Pikeun ngajajarkeun nyawa nata cahaya,
ngajéjérkeun kahirupan nata kahuripan, ngajéjérkeun tangtungan nata wangunan
kasajatian, nempatkeun urusan numutkeun adab sareng tatali paranti kasajatianana.
Ngajéjérkeun nu paburantak nata nu acak acakan, sangkan tata tentrem répéh
rapih kerta raharja, murah sandang seubeuh hakan, hirup teu loba malarat paéh
teu sakarat.
Kasajatian Ratu Kodam
Pikeun ngaratuan bangsa nyawa, ngomando para lelembutan,
para kodam, para akma sareng sukma
nu ngawasaan jiwa sareng waruga bangsa nyawa. Sangkan ngadeg
kajuhudan numutkeun adab
sareng tatali paranti kasajatiana-Na, morag syirik
ngaruntuhkeun kamusyrikan, ngadeg tangtungan
kasajatian alif tur jayana tauhid.
Kasajatian Muhammad
Pikeun mageuhan wangunan ngahuripkeun kasajatian syaré’at-Na
nu geus hirup ngadeg sampurna,
ngagarap adegan wangunan kasajatian hakékat-Na, muka jalan
nyieun cukang pikeun mapag jaman
alif ngadeg di panungtungan jagat - ngadegna wangunan
kasajatian ma’rifat-Na di bumi.
Ngahuripkeun adab - tatali kasajatian syaré’at ngahirupkeun
kasajatian hakékat, mager adab
sareng tatali paranti kasajatian ma’rifat, pikeun lampah
kasampurnaan tangtungan jatidiri
salaku manusa dina kurungan wangunan kasajatiana-Na.
Kasajatian Imam Mahdi
Pikeun ngabeungkeut para tangtungan nyawa wangunan cahaya
salaku ahli waris para cahaya
tatapakan Mahacahaya. Ngiket para tangtungan jatidiri
wangunan kasajatian salaku ahli waris
para sajati nabi tatapakan Mahasajati, sangkan sabeungkeutan
dina tangtungan, sakurungan dina
wangunan, salampah dina adab – adaban sareng sabeungkeutan
dina tatali kasajatian Gusti Alloh
nu Mahasajati, dina ngawangun ngeusian jaman bumi weuteuh –
alif ngadeg di satengahing jagat,
ngibarkeun beureum sareng bodas kasajatian manusa - adam
khalifah bumi, sangkan salawasna
aya dina kurungan kajayaan nu sajati.
Kasajatian Parahyang dina kamanunggalan para mustika
papayung agung tihang cahaya,
Pikeun ngamanunggalkeun para cahaya, dina tangtungan
lelembutan jatidiri akma sareng sukma
wangunan kasajatian mualaf, santri, musafir lalana jiwa,
budak angon, satria cahaya, satria bumi
wangunan kabataraan, Para Ratu Satria Jagat Raya wangunan
kamahabataraan,. Sangkan ngadeg
kamanunggalan salaku diri, hamba, kaum, anak bangsa sareng
umat manusa, ngarompag sifat nu
pakia – kia meruhkeun nu aing-aingan nu geus ngaruntuhkeun
tihang wangunan kajayaan manusa/
Adam khalifah bumi.
Kasajatian Budak
Angon ( kadua )
Tapané sajatining hurip, lampah Ki Angon laku Ki Umbaran di
tempat pangguyangan kadua dina
wujud lampah ngangon
kasajatian beureun sareng kasajatian bodas, sangkan ngadeg siger tengah
nangtung di tengah-tengah, sakumaha nu jadi ciri dina
gereyekna sisimbulanana.
Pikeun nuntun diri sareng para tangtungan jatidiri,
ngajeujeuhkeun lakuning hirup ngajajarkeun
lampah dina milampah ditempat pangguyangan hirup sareng
kahirupan jaman bumi weuteuh.
Ngangon kaweningan
ngawuluku kasucian, ngangon haté ngawuluku nafsu,
Ngangon karahayuan
ngawuluku kinasihan, ngangon kajuhudan ngawuluku kayakinan,
Ngangon kasajatian
ngawuluku kabuyutan, ngangon karusiahan ngawuluku kasajatian,
ngangon tatapakan
kasajatiana-Na ngawuluku patilasan kasajatian para sajati-Na,
ngangon tangtungan
ngawuluku wangunan, ngangon syaré’at ngawuluku hakékat,
ngangon jiwa raga
ngawuluku akma sukma, ngangon akal ngawuluku pikiran,
ngangon élmu pangarti
ngawuluku lampah amalan,
ngangon adab – adaban
ngawuluku tatali paranti kasajatian,
ngangon niat
patékadan ngawuluku tarékah sareng upaya lampah kahirupan,
ngangon diri
ngawuluku balaréa, ngangon papada kaula ngawuluku tempat pangguyangan,
ngangon cimata seuri
ngawuluku cimata ceurik, ngangon dua jojodoan kasajatian nu pasalia
patukang tonggong
sareng ngawuluku nu sarampak reureujeungan.
Salam sUDARA
Hirup hurip waras jati walagri nagri SAMPURNA Rahayu
_/\_
No comments:
Post a Comment