KAWIH KAULINAN = KAWIH BARUDAK
Kawih kaulinan sok
disebut kakawihan barudak
Sampurasun Baraya …
Cing Cangkeling
Ieu mah paranti milang samemeh barudak ulin ucing-ucingan.
Samemeh prung sok dikawihan heula ku saurang, rakitannana kieu:
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos ka kolong Bapa Satar buleneng
Cing Ciripit
Kawih paranti milang samemeh ucing-ucingan, rakitanna kieu :
Cingciripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare, bulu pare saseukeutna
Jol pa Dalang mawa wayang jrej jrek nong
Atawa rakitan nu lain :
Cing ciripit gulali lobang
Saha nu kacapit
tunggu lawang
Prang-Pring
Kawih kaulinan ieu dipakena ku barudak bari
dariuk ngajajar, atawa ngariung bari
nyanghunyar. Bari ngawih, bincurang
atawa tuur ditepakan. Dina mandakeun
budak nu katepak panungtung kudu mintelkeun sukuna jadi emok. Rakitanna kieu :
Prang-pring-prung, Sabuluh buluh gading
Saunda unda perang, Nya perang di pangadegan
Turune puyuh, Hayam jago babaranten
Dikencreng-kencreng kucubung
Kucubung kuruwak
dugel, Mana dugel ka si muntel
Telur jalu
kembang kumengger geyel
Aya oge rakitan
nu lian :
Prang-pring prang-pring, saunda unda perang
Nya perang di pangadegan, surundeng puyuh
Hayam jago babarancang
Dikencreng-kencreng kucubung
Kucubung kuruwek dugel mintel
Mintel si mintel ka taneuh cepel, mintel !
Eundeuk-Eundeuk Cang
Kawihna digunakeun kubarudak bari
eundeuk-eundeukan dina dahan tatangkalan, dikawihkeunna di aleu-aleu. Rakitanna
kieu :
Eundeuk-eundeuk cang lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku
aki
Rakitan nu lianna
:
Eundeuk-eundeukan
lagoni
Meunang peucang
sahiji
Leupas deui ku
nyai
Beunag deui ku
santri
Leupas deui ku ku
nini
Beunang deui ku
aki
Ambil-Ambilan
Laguna
dikawihkeun ku dua rombongan, ngajajar pahareup-hareup. Ngawihna siligenti patembalan. Budak nukapilih ku
rombongan nu kabagian milih disebut
ngaranna tuluy pindah ka rombongan nu sejen. Pindahna bari engke-engkean, sarta disurakan : “maling
endog” ku rombongan ditinggalkeun. Ari
rakitanna kieu geura :
- Ambil-ambilan,
turuktuk hayam samantu
+ Saha nu diambil
te, kami mah teu boga incu
- Si Anu nu
kadieu, purah nutu purah ngejo, purah ngasakan baligo
+ Nyerieun
sukuna, kacugak ku kaliage
- Aya ubarna,
urat munding campur rage tiguling nyocolan dage, nyocolan dage…… ” maling
endog….”
Ayang-Ayang Gung
Tah kawih nu ieu
mah dilagukeun bari ayang-aayangan, pauntuy-untuy. Biasana mangrupa lagu panganteur pikeun
kaulinan ucing kuriling atawa ucing
peungpeun. Rakitan kawihna kieu :
Ayang-ayang gung,
gung goongna rame
Menak Ki Mas
Tanu, nujadi wadana
Naha maneh kitu,
tukang olo-olo
Loba anu giruk, ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat, katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem, lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong, jalan ka Batawi ngemplong
Ucing Goti
Kaulinan Ucing Goti mah make batu nu gumantung rek
ucing-ucinganna, ngan aya hiji batu
dicirian keur nu jadi ucingna. Nyieun kalang
buleud atawa masagi. Unggal nu
miluan boga tempat masing-masing. Bari
ngawih Ucing Goti batu ku leungeun di
puter maju ka gigireunna, pas kabagean
batu nu dicirian tah eta nu jadi ucing gotina. Biasana nu ucing
sina ngawih atawa jadi ucingna.
Rarakitanna kieu :
Goti ala goti
nagasari, riuh rawa-rawa tanjung goti
si goti sedang apa,
bakul ta bakul endong
si nandang ta ula-elo jadi kodok !
Sur-Ser
Lamun kawih
kaulinan sur-ser mah biasana dipake ku kolot baheula keur ngajampean anakna atawa incuna mun aya
kasakit dina sampeanna. Siga kieu
unina rakitan kawihna teh :
sur-ser sur-ser, angeun aing acan asak
disuluhan ku taraje, tarajena meunang ngala
meunang ngala ti bobojong, bobojong nu aki endong
dug-dug clek sambel goang
dug-dug clek sambel goang
Cageur cu, ah… kitu jampena
TI : pesbuk,Dok-Grup
KAKANCAH KANA BALIGA SUNDA
Cag.
No comments:
Post a Comment