KIDUNG NAGARA
Sampurasun,,,
Awitan kidung pamulang kidung Nagara
Amit amit panguasa amit
Bukti katampi asal hurip mahluk kabeh kudu hurip
Asal mahluk kabeh kudu babarisan
Tanpa bukti pangiring kidung Nagara
Selenting bawaning angin, seredet bawaning rasa
Bukti asal alam sipat Nagara
Sipat asal bumi alam sakti
Bumi suci meleg badan sampurna
Kidung bumi bapa langit nampa tetes kirim nyawa
Tanda sipat bakal ciri
Pangiring kidung nagara
Kidung sakti titipan asal
Asal cai mahluk kabeh kudu balik deui ka asal cai
Asal cai, asal seuneu, asal bumi, asal angin
Pangiring kidung Nagara
Awitan kidung pamapang – mapag nyawa
Papag sakti kidung nagara
awitan kidung asal lemes kabeh kudu lemes
asal takluk – kabeh mahluk kudu takluk
asal lemah – kabeh mahluk kudu lemah
asal gagah – anu salah kudu rebah
asal bener – kabeh mahluk kudu bener
asal sakti – kabeh mahluk kudu sakti
lamun hirupna teu taliti
kabeh mahluk kudu mati
pangiring kidung nagara
lemah punjeng sakti alam pangbinasakeun
kidung pangiring giring
sukma mulia digarba ingsun, ingsun lemah,
ingsun kirim sukma panguwasa garba
garba sujud mulih ka asal, asal rupa sipat jeneng
jeneng manungsa asal monyet kudu pulang ka monyet
jeneng manungsa asal sipat macan kudu pulang ka macan
jeneng manungsa asal sipat kucing kudu pulang ka kucing
jeneng manungsa asal sipat kambing kudu pulang ka kambing
jeneng manungsa asal sipat buaya kudu pulang ka buaya
jeneng manungsa asal sipat kebo kudu pulang ka kebo
jeneng sipat manungsa rupa asal binatang, sato hewan, ti cai,
ti jalan, ti tegalan kudu balik deui ka binatang, ka sato, ka hewan,
ka gunung, kacai, ka jalan, ka tegalan.
pamulang panggetar bumi
pamulang keun sipat kidung nagara
asal binatang kudu jadi binatang
satetes cai asal, cai herang, sampurna asal binatang
tabe pun
hampura ingsun....
Cag …Rampes,,,,
hung, ahuuung !!
No comments:
Post a Comment