Sajarah Singget Garut
Garut nu kiwari jadi salah sahiji kabupatén di Provinsi Jawa
Barat, boga sajarah anu panjang. Awalna ieu wewengkon teh kabawa ka Kabupatén
Limbangan, tuluy jadi Limbangan – Garut, sarta ahirna jadi Kabupatén Garut.
Daérah Kabupatén Garut nu ayeuna téh gabungan ti sawatara
wewengkon anu tadina kabawa ka kabupatén séjén. Sawaréh di antarana tilas
Kabupatén Balubur Limbangan anu ngawengku Limbangan, Wanakerta (Cibatu),
Wanaraja, Suci (Garut), jeung Panémbong (Bayongbong). Sawaréh deui tilas
Kabupatén Sukapura/Tasikmalaya anu ngawengku Batuwangi (Singajaya), Kandangwesi
(Bungbulang), jeung Nagara (Pameungpeuk). Sawaréh deui tilas Kabupatén
Parakanmuncang (Cicaléngka) anu ngawengku Cikembulan (Lélés) jeung Timbangantén
(Tarogong). Sawaréh deui tilas Kabupatén Sumedang, nyaéta Malangbong, jeung
sawaréh tilas Kabupatén Cianjur, nyaéta Cisewu.
Méh saabad lilana (1813 – 1913) wewengkon Garut sacara
administratif disebut Kabupatén Limbangan, anu ibukotana di Balubur Limbangan.
Béh dituna deui, Balubur Limbangan téh disebutna Galuh Pakuan anu diadegkeun ku
Prabu Limansenjaya Kusumah anu sohor ku sebutan Sunan Cipancar.
Taun 1811, ku Gubernur Jéndral Daendeles, Kabupatén
Limbangan dieuweuhkeun. Daérahna dibagi-bagi sarta digabungkeun jeung Kabupatén
Sumedang, Bandung, Cianjur jeung
Parakanmuncang. Tujuanana pikeun reorganisatie (reorganisasi) jeung hervorming
(ngabebenah wilayah). Lian ti éta pikeun ningkatkeun hasil tatanén, pangpangna kopi. Nya harita Daendeles ngajalankeun sistem
cultuurstelsel (tanam paksa) pikeun nutupan hutang VOC ka pamaréntah Walanda.
Kabupatén Limbangan dihirupkeun deui taun 1813 ku Thomas
Stanford Raffles, Gubernur Inggris nu harita ngawasa Pulo Jawa. Anu diangkat
jadi bupati Kabupatén Limbangan harita nyaéta Radén Adipati Adiwijaya, putra
cikal Pangéran Kornél Sumedang.
Dina taun 1913, ieu Kabupatén téh resmi dingaranan Kabupatén
Garut. Bupati Limbangan-Garut anu harita keur ngawasa, nyaéta Aria
Wiratanudatar VII, ogé ditetepkeun jadi Bupati Garut anu munggaran. Soal ngaran
Garut, cenah aya sasakalana. Waktu keur ngabaladah tempat anyar keur
pidayeuheun Kabupatén, béjana aya nu kakarut. Tah, kecap Garut téh robahna tina
kecap kakarut téa nu ceuk urang Walanda mah kadéngéna Gagarut.
Wewengkon Garut ngalaman kamajuan anu hadé pisan dina paro
kadua abad ka- 19. Pangpangna mah lantaran jasa dua jalma anu harita jadi
dwitunggal di Garut, nyaéta R.H. Muhamad Musa (Panghulu Kabupatén Limbangan -
Garut) jeung Karel Frederic Holle (juragan kebon entéh Waspada, Cikajang). Ku ketakna
éta dua jalma, sistem tatanén di Garut kacida majuna, malah Garut jadi daérah
anu kaitung subur men dibandingkeun jeung wewengkon séjén di Priangan.
Dina awal abad ka-20, ngaran Garut beuki kawentar kamamana.
Pangpangna lantaran kota Garut anu
jadi puseur kabupatén réa dijugjug ku turis. Garut harita katelah jadi Swiss
van Java lantaran kaéndahan alamna. Lian ti hawana anu tiis, ogé dilingkung ku
gunung-gunung. Di antarana Gunung Cikuray, Papandayan, Guntur,
Karacak, Talagabodas, jeung Haruman. Lain turis lokal baé anu ngahaja
datang ka Garut téh, tapi ogé turis ti
mancanagara.
Waktu muncul gerakan kabangsaan, Garut gé jadi puseur
perjuangan para. tokoh pergerakan anu boga cita-cita hayang ngamerdékakeun
Indonésia. Pangpangna aranjeunna téh tokoh-tokoh pergerakan ti kalangan Islam
anu aktif dina SI (Sarékat Islam) anu tuluy jadi PSII (Partai Sarikat Islam Indonesia).
Inohongna di antarana Kiyai Harmaén, K.H. Yusuf Tauziri, Karto Suwiryo, K.H.
Mustafa Kamil, Haji Hasan, jeung Aruji Kartawinata. Nepi ka jaman revolusi, éta
inohong-inohong perjuangan téh tuluy makalangan boh di tingkat lokal boh di
tingkat nasional.
Taun 1960-an, Garut jadi cater deui di tingkat nasional.
Bupati Garut harita, Radén Gahara Wijaya Surya, satékah
polah hayang mulangkeun deui citra Garut ka jaman Mooi Garut. Kota
diberesihan nepi ka jalan -jalanna ogé lalening. Bupati sorangan sok langsung
turun ka jalan mun ningali aya runtah atawa tai kuda nu ngotoran jalan. Nepi ka
rahayat Garut téh lingsem sorangan ningali paripolah Bupati anu sakitu
bersékana, sarta antukna surti sorangan ngajaga kaberesihan di lingkunganana
séwang-séwangan. Tah nya harita, taun 1962, Présidén Sukarno ngalélér anugrah
Garut Kota Intan, ku sabab rahayatna tulatén
ngajaga kaberesihan kola. Hanjakal sesebutan Garut Kota Intan ogé ayeuna
mah ukur panineunganana.
Sajarah Singget Garut
@ situs pemerintahan kab Garut .provinsi jawa barat
No comments:
Post a Comment