Thursday, January 12, 2012

Ibu/Indung menurut Ajaran Sunda


Ibu/Indung menurut Ajaran Sunda

dina ajaran Sunda (Nusanta-Ra) nu disebat INDUNG teh aya 3 (anu ngamanunggalkeun DIRI gumelar di alam dunya) nyaeta :
 1. Indung anu TEU NGANDUNG (Ibu Pertiwi)
 2. Indung anu NGANDUNG (Ibu Kandung)
 3. Indung anu DIKANDUNG ('Hate')

 Ka 3 Indung ieu teh kanyaah-na saeneng-eneng tara pernah lepas nangtayungan ku asih jeung pangasih,,, jsb.


 SEMBAH SUJUD ka INDUNG nyaeta ADAT jeung ADAB urang Sunda (Nusanta-Ra)  ti kapungkur (jadi sanes ti Arab :) anu maksud jeung tujuanna :
 1. Seba hormat ka Nagara (bumela ka Nagara)
 2. Seba hormat ka Ibu / ema
 3. Seba hormat ka Diri (ngajaga kahormatan diri)

 *RAJAH na mangrupa CAI KEMBANG jeung SEUSEUNGITAN.

 Prak-prakanna nyaeta :
 1. Diawalan ku NGAMANDIAN DIRI SORANGAN heula ti bagian mastaka nepi ka dampal sampean,,, NEDA WIDI ka JATI DIRI.
 (umumna ngangge cai kembang jeung seuseungitan / minyak seungit)

 2. Seba hormat NEDA PANGHAMPURA jeung PANGASIH ka Indung di teraskeun ku ngawasuh DAMPAL KANYAAH anu teu pegat sajeroning anjeuna ngadeg (hirup),,,
 (umumna ku cai kembang jeung seuseungitan / minyak seungit) >>> jiga keur pangantenan tea geuning.

 3. Seba hormat NEDA PANGERSA HIRUP HURIP NGAHURUP dina kaHIRUPan ka Kulon, Kaler, Kidul, Wetan,,, laju ka Cai, Seuneu, Taneuh jeung Angin,,, (umumna ngangge cai kembang jeung seuseungitan / minyak seungit + Dupa).

 Di na hal ieu RAJAH teu mangrupa kalimat tapi mangrupa LAKON jeung BENDA (cai, kembang, seuseungitan),  anu dina hal ieu ngandung simbol, silib jeung siloka.

  ngan kade sing awas,,, biasana sok beunang ku RASA ERA  eta gogoda,,,
 kaHADEan jadi RASA ERA - kaGORENGan teu RUMASA  tea,,,  hehee

 Wilujeng ngalakonkeun kanu teu acan kantos anu ngaraoskeun peryogi sareng sareng anu HOYONG ngaLAKUna.

 Salamet Langgeng Bagja Rahayu _/\_
………
dina ngucap RASA RUMASA jeung kaRUMASAan DIRI, sungkem tanda hormat,,, bari cacap nyarita sing nepika PARAT,,, ti mimiti dikandung tug dugika dewasa ayeuna,,, conto:

 ma/ibu,,, sanaos tos kodratna ibu kedah ngandung, pisakumahaeunna pangorbanan ema kapungkur, bade tuang teu kendat kabujeng murel, bade kulem teu tibra da mung tiasa nangkarak sareng nyangigir,,, ti sabulan dugika 9 bulan 10 dinten ema ngarandapan sagala teu raos, rumaos simkuring nujanten putra moal tiasa mulangkeunnana

 *corr,,, bari ngumbah indung suku

 dina siang/wengi, dimana waktosna simkuring gumelar,,, ema meh ngaragang nyawa, mun seug waktos harita mung kedah aya hiji pilihan anu kedah disalametkeun nyawa antawis ema sareng simkuring, tinangtos ema milih simkuring anu kedah jumeneng hirup di ieu alam,,,, nya kedah kumaha simkuring ngabalesna emaaaa,,,

 tiris di acukan, lapar haus di susuan, bade cape bade tunduh ema teu weleh ngaulaan simkuring,,, duuuhhh emaaa,,, neda jembar hampurana ka simkuring, emaaa,,,

 *corr deui,,, ngumbah indung suku

 kanyaah ema sareng bapa taya kendatna, diajarkeun cumarios, leumpang,,, hoyong itu hoyong ieu sagala ditedunan, ti anggean dugika sagalana dipangmilihkeun anu pangsaena, , hoyong pinter disakolakeun,,, hoyong bagja dijeujeuhkeun ku ema sareng bapa

 ayeuna simkuring (,,,sebat nami,,,) tiruhur sausap rambut tihandap sahibas dampal, tisisi tigigir sagiling gisik ieu putra ema, neda paghapunten, neda jembar sareng karidoanna. neda jamuga HIRUP sinareng kaHURIPan abdi ku kanyaahna ema.

 maaa Abdi Nyuhunkeun pidu'ana salamet ti ema, sareng sehat-na lahir bathin, dunya rawuh akherat maaa,,,

 *corr deui,,, ngumbah indung suku

 dimana indung ngadu'akeun bari ceurik,,, Aamiin - keun bari elapan cai socana.

 Cag.

 mangga bahasa mah tiasa dimodifikasi bade kumaha oge, teu langkung. *ngamimitian mah biasana sok berat ku ka ERA :)

 mugia aya manfaatna dunya akherat kanggo sadayana. AHUUUNG

 Rahayu _/\_

No comments:

Post a Comment