Saturday, April 14, 2012

SAJAK SAJAK SUNDA ka 1


Nu Lumampah Peuting

Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah janari
Dina dzikir reumis
Lebah sora ajag nu pamungkas

Ngimpleng-ngimpleng pangreureuhan
Sabot damar sakarat. Boa lebah balébat
Dina salambar halimun
Lebah sora manuk munggaran

Ngimpleng-ngimpleng pangreueruhan
Damar saukur dadamaran
Da léngkah geuning tuluy lumampah
Boa moal kungsi reureuh: apan tatu tacan kénéh liput!

Sajak TONI LESMANA
Dimuat dina  Mangle No. 2164

.............



Burit Geus Reupreupna

Layung, ka mana layung
basa girimis nyandet urang di saung
satengahing pajaratan
basa réngsé ngurebkeun layon
Diriung parentul batu tutunggul
sakapeung urang pating gerendeng
mimindengna ukur ngaheneng
diranggeum keueung

Jeung burit beuki reupreupan

-Saha heula
anjeun heula kuring heula? cék anjeun harita
-Teu kudu paheula-heula
dawuh cunduk mun pareng giliranana, -tembal kuring
asa-asa

Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan
jeung seungit kembang samoja
bulu punduk naha bet muriding
geuning urang paheula-heula bingbrit
norobos hujan nu beuki ngerepan

Jeung burit beuki reupreupan

Katineung ka Odji Seiadji AR almarhum, mugia ginanjar rohmat kawilujengan ing dalem kubur.

 Sajak YOUS HAMDAN
Dimuat dina majalah Cupumanik/April 2008
............

 
Eunteung Diri


Sabot ngeunteung sajongjonan
kuring pangling kana panon sorangan
neuteup anteb
geuning simpé dina héas-héas paneuteup
nu pinuh rasa guligah
cahya teu weléh nyorot tina kongkolakna salila ieu
geus lila pareum
kakeueum reureueuk ti leuwi ati
…….
 Sajak Tiwi Sonia


Dimuat dina Manglé No. 2129

No comments:

Post a Comment