Jaya Prana Jeung LayonSari
Jaman baheula di desa kalianget nu pernahna di kabupaten
Buleleng Pulo Bali belah kaler, aya hiji kulawarga nu katarajang sasalad.
Saeusi imah teh tumpur maraot,iwal hiji nu ngaran Jaya
Prana.
Jaya Prana anu geus nunggul pinang teh dirawat ku Raja
Buleleng nu gelarna anak Agung .sanggeus Jaya Prana sawawa,sarta loba pisan
jasana ka eta Raja,Jaya Prana menta idin rek ngawin hiji mojang anu ngaran
LayonSari.
LayonSari teh geulis kawanti wanti,endah kabina bina ,nepi
ka sang Raja oge kabungbulengan . Sanajan nyi Layonsari geus kawin ka
Jayaprana, tapi Sang Raja teu weleh neangan akal sangkan Layonsari papisah
jeung Jayaprana.
Gancang bae sang Raja teh ngutus Jayaprana sangkan indit
merangan karaman di tungtung kaler pulo Bali. Eta
parentah mangrupa hiji siasat sangkan
Jayaprana maot dina pangperangan ditandasa ku karaman.
Jayaprana Inditna the teu nyorangan ,tapi bareng jeung
pasukan nu samakta pakarangna. Tapi salian ti eta ,sang Raja the ngutus Perdana
Mentri rerencepan mawa balad anu pohara lobana, nu tugasna kudu maehan
Jayaprana di hiji tempat nu disebut Celuk terima.
Sanajan Jaya Prana geus teu genah rarasaan sarta ngarasa
curiga yen manehna bakal aya nu maehan ,tapi manehna tetep satia kana parentah
Sang Raja. Manehna ikhlas nyanghareupan Pati.
Barang nepi ka Ceruk terima, Jayaprana dipegat ku balad
balad Perdana Mentri bari diasongan
surat kudu dibaca ku Jayaprana.
Manahoreng Surat tugas ti Sang Raja pikeun maehan Jayaprana,,,teu bisa majar
kumaha ,Jayaprana dipaehan luyu jeung parentah Raja.
Rengse ngajalankeun Tugas nu telenges tea ,Perdana mentri
katut sabalad baladna baralik ka puser dayeuh. Sajeroning perjalanan, pirang
pirang halangan hurunganana, balad Perdana mentri the pinanggih jeung
kasangsaraan ,lantaran Para Dewata henteu tega Jayaprana dipergasa.
Sang Raja ge henteu hasil meunangkeun Nyi Layonsari,
lantaran Nyi Layonsari kaburu maehan maneh, batan daek digadabah ku Sang Raja
,meuning paeh nuturkeun salaki ka alam kalanggengan.
….
(dicutat ti :mangle
alit No.173)
Wew keren euy, 2 jempol. Kudu kieu lamun arek miara kabudayaan asli urang, ameh teu dicaplok deungeun.
ReplyDeleteHEUHEU...........
ReplyDeletekudu urang nu ngamumule ,mikacinta budaya asli urang,sa nusantara nu khususna budaya sunda.....haturnuhun partisipasina