pangHUDANG RASA
Ti : Boedak Satepak (Catatan pesbuk)
mun keur lengoh
tepungan,,,
raksukan pangeusi raga
saWARGA dipilari,,,
intip guruhna kalbu,
rupa-rupa hojahna
pabeulit jeung pabaliut
kade salah nya milih
saha nu jumeneng saksi ?
saksi anu saestu
da lisan mah ngemban parentah ati
henteu pisan boga tekad.
pangguyangan,
pangguyangan urang,,,
pangguyangan,
pangguyangan kuring,,,
urang nu keur ngalalakon
lalakon nu keur ngalun
pada boga pamanggih
pada boga carita
pada boga galur
prok amprok jeung sasamana
mararantun marareunteun
aya anu pait
aya anu amis dina rasa
baralik deui ka ngaran
ngaran sewang-sewangan !
Ngaran teh saha, asal ti mana ?
ayeuna eukeur dimana, rek kamana nya pilampaheun ?
bakal kamana, ayeuna kudu kumaha,,, ?
SADAR, SABAR, RIDHO, IKHLAS jeung TAWAKAL nu jadi koncina
Syukur dina panarima
ku welas asih nga-BUKA-na
Rahayu DIRI
Rahayu Tangtungan
Rahayu Kuring
Rahayu Kuring-kuringNa
Rahayu Hirup
Rahayu Hurip
Hirup Hurip anu ngaHurup dina kaHIRUPan
Rahayu,,, Rahayu,,, Rahayu
Ruhui Rahayu sakabehna
No comments:
Post a Comment