Friday, October 11, 2013

MANTRA SUNDA bag-1



1.1 Kasang Tukang Masalah
Tiap-tiap sélér bangsa tinangtu pada-pada mibanda ajén budaya. Ajén budaya hiji sélér bangsa bakal kagambar tina sakabéh perkara anu aya patalina jeung kahirupan manusana. Budaya mibanda harti:
“kelompok adat kebiasaan , pikiran, kepercayaan, dan nilai yang turun-temurun dipakai oleh masyarakat pada waktu tertentu untuk menghadapi dan menyesuaikan diri terhadap segala situasi yang sewaktu-waktu timbul, baik dalam kehidupan idividu maupun dalam kehidupan masyarakat sebagai keseluruhan” (Baried, 1983: 85-86).
Sakumaha anu kaunggel di luhur yén kabudayaan téh nya éta rupaning hal anu aya patalina jeung kahirupan. Dina raraga mikanyaho kabudayaan hiji sélér bangsa tinangtu perlu mikaweruh unsur-unsur budaya nu umum atawa universal. Nurutkeun Koentjaraningrat (1974,12) aya tujuh unsur budaya anu miboga sipat universal, nya éta 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem organisasi kamasarakatan, 3) sistem pengetahuan, 4) basa, lisan jeung tinulis, 5) kesenian, 6) sistem pakasaban, jeung, 7) sistem téknologi jeung pakakas.
Kamekaran budaya Sunda dina kahirupan henteu leupas tina rupaning faktor anu mangaruhanana, salah sahijina nya éta minat jeung kahayang masarakat kana karya sastra. Ieu hal téh patali jeung kalungguhan sastra salaku karya seni. Karya seni mangrupa kréativitas manusa pikeun méré kasenangan jeung kani’matan éstétis. Dina ambahan nu leuwih lega, kalungguhan karya sastra téh nya éta salaku sarana pikeun nyumponan kapentingan, pikiran, jeung rasa manusa boh pikeun pribadi boh pikeun lingkunganana.
Karya sastra mangrupa salah sahiji wujud tina kabudayaan anu gumelar dina kahirupan manusa. Di Indonesia, hususna di masarakat Sunda karya sastra gelar dina rupa-rupa wanda. Ieu hal téh nuduhkeun kajembaran hasanah budaya Sunda. Ayana rupa-rupa wanda karya sastra lantaran masarakat Sunda anu rancagé, anu ngabalukarkeun di masarakat Sunda leubeut ku hasil karyana

Sunday, October 6, 2013

Makna Filosofis Dalam “Iket” Sunda



Makna Filosofis Dalam “Iket” Sunda
archive69|Minggu, 24 Maret 2013|15 komentar
7
facebook
twitter
google+

TIRTA GUNTARA
Generasi muda saat ini banyak yang gandrung dengan pemakaian “iket“. Mereka memiliki cara pandang yang berbeda dalam membentuk “iket”, tetapi tetap memiliki acuan terhadap satu garis penciptaan karya “buhun” (kuno)







"…saceundeung kaen" (Bujangga Manik, isi naskah baris 36)

PENGGALAN kalimat tertulis di atas terdapat dalam naskah kuno Bujangga Manik yang menceritakan perjalanan Prabu Jaya Pakuan, seorang Raja Pakuan Pajajaran yang memilih hidupnya sebagai resi. Naskah diperkirakan ditulis sekitar abad ke-14. Isi naskah terdiri atas 29 lembar daun nipah yang masing-masing berisi 56 baris kalimat, terdiri atas 8 suku kata.

Kalimat “…saceundeung kaen” mengandung arti selembar kain yang sering digunakan sebagai penutup kepala. Di tatar Sunda disebut totopong, iket, ataupun udeng. Pemakaian iket berkaitan dengan kegiatan sehari-hari ataupun ketika ada perhelaan resmi seperti upacara adat dan musyawarah adat. Untuk beberapa waktu, umumnya kain penutup kepala hanya disebut totopong, iket, atau udengtotopong, iket, atau udeng. Tidak ada bukti tertulis mengenai sumber sejarah tentang penamaan iket atau yang sekarang disebut rupa iket. Akan tetapi, dalam perkembangan zaman, penamaan untuk rupa iket menjadi bagian dari kebudayaan yang mengandung nilai dan makna tersendiri.

Friday, October 4, 2013

Sang Saka Mustika Cahaya Pusaka


Sang Saka Mustika Cahaya Pusaka Manunggal Lima

Milampah darma ngawurkeun rahayu kinasihan, dina lampah kasajatian nu ngagusti, nganyawa
sareng musaka ka sakumna papada kaula anak bangsa tur papada kaula jalma pangeusi alam buana
Kasajatian Deugdeug Jaya weuteuh ( Deugdeug Jaya Batuwangi Galuh Pakuwon Silihwangi Pajajaran )
Pikeun nangtungkeun amparan tangtungan jatidiri sareng ngamparkeun amparan wangunan
kasajatianana, sangkan ngadeg para calon satria nagri / satria buana sareng satria cahaya dina
adegan nu sajati wangunan nu jaya.
Kasajatian Batuwangi
Pikeun nangtungkeun tangtungan jatidiri nu geus pada runtuh ngabangké kahuripan, dina
tangtungan batu satangtung kasajatian wawangi sajati wangi arum ( Satria wangi ),
sangkan tepung jeung kasajatian cager, bageur, bener, pinter jeung singer.
Kasajatian Silihwangi
Pikeun ngadegkeun wangunan kasajatian asah, asih sareng asuh jeung papada kaula diri,
papada kaula hamba, papada kaula kaum, papada kaula jalma umat manusa, papada kaula makhluk
alam jagat raya, pikeun nutuh jaman sato ngarompag jaman édan muru arédan, nu geus ngamparkeun
bangké kahirupan nyebarkeun babau kahuripan.

Panggeuing Éling Waspada Tingal Permana


Panggeuing Éling Waspada Tingal Permana :

Iblis, nyaéta cahaya beureum kasajatian seuneu nu nganyawa nitis di alam ma’rifat tangtungan
jatidiri nyawa adam nu ngabuahkeun kakuatan nafsu, jadi amparan lampah upaya dina kabéngkokan
dina wangunan kahirupan nyawa adam.

Sétan, nyaéta kasajatian nafsu nu nyukma di alam hakékat lahir sareng hakékat batin tangtungan
jatidiri akma sareng sukma adam, ngabuah kadoliman, jadi amparan lampah upaya karuksakan dina
wangunan kahirupan akma – sukma adam.

Dajal, nyaéta kasajatian karuksakan nu ngusumah ( ngawaruga ) di alam syaré’at batin tangtungan
jatidiri jiwa adam salaku jalma/manusa makhluk bumi ( golongan sato/ homo sapiéns nu jadi
tutunggangan adam) khalifah bumi ( Ki Angon ) ngabuah karongkahan nu jadi amparan lampah
kanistaan dina wangunan kahirupan jiwana.