Lain karangan uing; tarjamahan sawatara surat Alqur’an tina Juz Amma. Ngahaja dicutat, tina majalah pedalan 1982, keur arsip. Bongan majalahna geus ku rinyuh. Teu pati écés, saha anu parantos nganggitna mah. Da dina majalahna gé teu disebutkeun saha-sahana. Mungkin baé mangrupi sanggian dewan rumpakana, atawa boa anjeun mah uninga. Ieu tarjamahan téh ditulis dina wangun Guguritan atawa Dangding. Mangrupa puisi Sunda anu ditulis dumasar patokan Pupuh.
Pikeun para ulama Sunda (baheula), narjamahkeun atawa cindekna mah nafsirkeun Alqur’an ku cara modél kieu téh bisa jadi geus ilahar. Teu béda jeung nalika aranjeunna ngarang nadoman atawa pupujian. Mémang henteu unggal tarjamahan Alqur’an ditulis dina wangun Pupuh. Lianti aya anu ditarjamahkeun sacara harfiah, ogé aya nu ditulis dina wangun puisi bébas (henteu kauger), kawas anu kiwari katelah ku Nur Hidayahan téa.
Asana béda jeung anu kaalaman ku dunya sastra Indonésia. Apanan pada mafhum urang ogé, puitisasi Alqur’an anu dipokalan ku Muhammad Diponegoro, dina mangsana mah ningan kungsi jadi bahan polemik. Henteu dina alam sastra Sunda mah....