Friday, November 8, 2013

Sumirat Cahya Dina Wewengkon Sukma



Sumirat Cahya Dina Wewengkon Sukma-
Gung Degung Ngadegna Hyang Agung
Mapag kidung….. Cianjuran ciri anu ngajurung pangabdian
Patarema jeung gelik suling nu ngajak diri…Nyumurup nyumerepkeun ka eling
Ka Gusti Nu Maha Suci
Pamuntangan diri pikeun sakumna pangabdi
Hayu mulang kana ka sajatian
Jati nu mawa kawalagrian
Jati nu mawa kasampurnaan
Jati nu baris mayungan ku kasalametan
Asyhadu anlaa ila ha ilalloh wa asyhadu anna Muhammadarosulluloh
Teu daya teu upaya anging gusti Nu Maha Kawasa
………
Hariring lain nu kuring
Haleuang lain nu urang
Hariring Kagungan Nu Maha Wening
Haleuang Kagungan Nu Maha Wenang

Kidalang asep