CATURANGGA KUDA
NURUTKEUN kapercayaan bangsa urang, kajaba ti ajian-ajian, jampé-jampé sareng pamaké téh; réa deui anu baroga kasiat, disangka sarta dipercaya gedé mawatna, réa perbawana ka nu miara atawa nu miboga, nya éta saperti: batu-batu, hoé-hoé, tatangkalan, dangdaunan, pakarang jeung sasatoan; dalah jelema, éta ogé dipercaya yén aya perbawana, aya wa¬tekna nurutkeun kana wanda, adeganana, jeung ciri-ciri nu aya dina dirina.
Éta kapercayaan kitu téh ditambahan sarta dikandelan ku titinggal Hindu. Aya kecap basa Kawi anu geus jadi kacapangan kolot-kolot urang, unina: siti, paksi, curiga, turangga, Ian wa¬nita.
Siti, hartina: tanah; pakarangan. Paksi hartina: manuk, babakuna anu dipimaksud di dieu titiran. Curiga, hartina pakarang; babakuna pakarang anu pamoran kayaning keris, tumbak, gobang. Turangga, hartina: tutunggangan, nyaéta kuda. Wanita, hartina: istri, awéwé.
Tah ieu anu lima rupa, anu jadi babaku kapercayaan dianggap gedé perbawana atawa rajeun gedé mamalana ka nu miara.
Ku sabab aya éta kapercayaan anu pageuh pisan ayana dina rasa, kolot-kolot mah tara gagabah miboga éta barang anu lima rupa téh, kudu baé kuda diilikan heula kukulinciranana jeung ciri wancina nu lian. Pakarang ditepus atawa dipal, dipariksa pamorna. Awéwé diitung naktu ngaranna, wedalanana, jeung cicirén anu séjén, da nya éta sok mahala mahayu téa, tara gancang ku hayang babari kabongroy ku bogoh. Nepi ka méh kabéh kolot baheula mah pada ngagem rasiah-rasiahna, arapal digorolangkeun.